Pages

Colenak

Colenak alias “dicocol enak” nyaeta mangrupikeun salah sawios kadaharan urang sunda nu tos moal nyalahan kana raos na jeung pelem na eta colenak. Ahh kacida wee pami urang sunda khusus na urang bandung teu terang naon nu nami na colenak mah.

Colenak teh nyaeta kadaharan nu kawit na tina peuyeum sampeu nu dibeuleum terus dibanjur ku samara antawis gula beureum nu leehkeun dicampurkeun sareng parudan kalapa. Saupami teu lepat mah kapungkur aya nu nami na kang murdi nyaeta salah saurang nu icalan colenak sisi jalan daerah cicadas atanapi di sisi jalan ahmad yani kota bandung.

Ninggal kana sajarah na ieu colenak, kapungkur na mah colenak teh nami na “peuyeum digulaan”. Mung kumargi beuki kadieu, langkung seueur nu sedep kana colenak nya tos tangtos langkung seueur oge nu ngagaleuh. Diantawis seueur na eta nu sok ngagaleuhan, aya salah sawios palanggan nu masihan saran yen eta nu nami “peuyeum bandung” teh gentos ku “colenak” nu hartos na dicocol enak.

Tahh, ku kiwari mah colenak teh teu mung saukur dibanjur ku gula nu dicampur sareng kalapa hungkul, tapi aya oge nu nganggo kadu, nangka. Supados tiasa ngiring kana kamajuan jaman saur na mah. 

Kumargi kitu urang salaku urang sunda, kedah tiasa ngajaga sareng ngariksa naon nu tos janten ciri tradisi urang sunda, boh eta dina kadaharan na, dina kasenian na, dina bahasa na, jeung sagala rupi nu mangrupikeun ciri tradisi urang salarea.

Mung sakitu nu tiasa kapihatur, hamputen anu kasuhun hampura anu kateda bilih aya babasaan nu kirang mernah kana manah.

Kritik sareng saran na mangga diantos. Hatur nuhun.

Author : Hamdani

No comments:

Post a Comment